Commons:Bagéa

From Wikimedia Commons, the free media repository
Jump to navigation Jump to search
Welcome page in other languages:

Alemannisch | aragonés | العربية | অসমীয়া | asturianu | Boarisch | беларуская (тарашкевіца)‎ | Banjar | български | বাংলা | català | Cymraeg | dansk | Deutsch | Ελληνικά | English | Esperanto | español | euskara | فارسی | français | galego | עברית | hrvatski | magyar | interlingua | Bahasa Indonesia | íslenska | italiano | 日本語 | 한국어 | Lëtzebuergesch | македонски | മലയാളം | олык марий | Plattdüütsch | नेपाली | Nederlands | norsk bokmål | norsk nynorsk | occitan | ਪੰਜਾਬੀ | polski | português | русский | සිංහල | slovenčina  | slovenščina  | српски  | srpski  | Sunda  | suomi  | svenska  | Türkçe  | ئۇيغۇرچە / Uyghurche  | українська | тоҷикӣ  | татарча/tatarça  | Tiếng Việt  | 粵語 | 中文(简体)‎ | 中文(繁體)‎ | ತುಳು | Bân-lâm-gú | +/−

Naon ari Wikimedia Commons téh?

Wikimedia Commons téh gudang média nu diciptakeun sarta dikokolakeun lain ku seniman bayaran, éstu sacara sukaréla. Ngaran "Wikimedia Commons" ieu diturunkeun tina "Wikimédia" nu mayungan sarta ngokolakeun sadaya proyék Wikimédia sarta kecap "commons" dumasar kana eusina nu dibagi kana rupa-rupa vérsi basa sarta rupa-rupa proyék Wikimédia. Ku kituna, ieu téh mangrupa gudang pikeun poto, diagram, animasi, tembang, téks nu diomongkeun, klip vidéo, sarta sadaya média nu bébas lisénsi nu mangpaat pikeun proyék-proyék Wikimédia.

Wikimedia Commons migunakeun téhnologi wiki nu sarua jeung Wikipédia, sahingga sing saha waé bisa ngédit langsung dina panyungsi ramat sacara langsung. Teu kawas koropak média nu dimuat dina proyék séjén, média nu dimuatkeun ka Wikimedia Commons mah bisa disambungkeun kana kaca-kaca sadaya proyék Wikimédia tanpa kudu dimuat sacara misah.

Ti saprak medal ping 7 Séptémber 2004, Wikimedia Commons nincak koropak média nu ka-100.000 dina 24 Méi 2005, sedengkeun kiwari ngandung 64,291,533 koropak sarta 62,907,507 koléksi (angka dina notasi Anglo-Saxon). Pikeun leuwih jéntré ngeunaan proyék Wikimedia Commons bisa dibaca dina Bantahan umum, di Kaca Wikipédia ngeunaan Wikimedia Commons, sarta kacana dina Meta-wiki.

Teu kawas gudang média tradisional, Wikimedia Commons mah gratis. Sing saha waé bisa nyalin, maké, atawa ngarobah koropak nu aya dina ieu proyék kalawan bébas, asal sumber sarta nu nyieunna disebutkeun sarta anjeun kudu medalkeun salinan ieu kalawan kabébasan nu sarua pikeun batur. Basis data Wikimedia Commons sarta téks nu aya di jerona dilisénsikeun dina Lisénsi Dokumén Bébas GNU. Kondisi lisénsi unggal koropak média bisa ditempo dina kaca dadaranana. Leuwih lengkep ngeunaan cara maké...

Ilubiung

Anjeun bisa ngaronjatkeun Wikimedia Commons luyu jeung pangabisa anjeun:

Nyumbangkeun karya

Mun anjeun potografer, mugia teu asa-asa nyumbangkeun karya-karya anjeun ka dieu. Mun anjeun desainer, mangga uningaan animasi atawa diagram naon nu dipikabutuh. Mun anjeun musisi atawa seniman film/téater, mangga publikasikeun rékaman anjeun nu gratis di dieu.

Nyumbangkeun pangabisa

Pami teu gaduh atawa teu kersa nyumbangkeun karya anjeun pribadi, mangga cobi hancaeun nu sanésna:

Nyumbangkeun waktu

Nu ilubiung dina ieu proyék mah teu kudu seniman atawa jago nulis. Mun anjeun resep bébérés, sok atuh bantuan!

Daptar

Sangkan bisa ngamuatkeun koropak ka Wikimedia Commons, anjeun kudu asup log. Anjeun bisa daptar dina tumbu "Asup log/nyieun rekening" di punclut katuhu lajeng asupkeun ngaran pamaké nu rék dipaké dina sakabéh téks éditan atawa gambar muatan anjeun. Najan kitu, pikeun ngédit téksna mah anjeun teu kudu asup log (tapi hadéna mah asup log).

Tutorial awal

Pikeun mitambeyan, sigana koropak pitulung hambalan kahiji jeung NLD bisa mantuan anjeun sanggeus daptar. Nu didadarkeun di antarana cara nyaragamkeun antarbeungeut (misalna basana), cara ngamuatkeun koropak, jeung kawijakan lisénsi dasar. Pikeun ilubiung di ieu proyék, Anjeun teu kudu boga kabisa téhnis. Ieu téh wiki - céték ondé!.

Émbaran nu leuwih lengkep aya di Panglawungan. Anjeun bisa tatanya di Kongrés atawa ngaliwatan kanal IRC #wikimedia-commons.

Koropak dina Wikimedia Commons disusun kana kategori jeung galeri. Gambaran umumna mah tiasa ditingal di Tepas.

Layanan jeung software lianna

Mun karasa hésé kénéh, anjeun bisa migunakeun Layanan muat koropak sahingga nu séjén bisa mantuan ngamuatkeun koropak-koropak anjeun. Mun rék ngamuatkeun koropak anu jumlahna loba ku nyalira, mangga cobi program Commonis. Pikeun émbaran nu leuwih jéntré ngeunaan muka atawa ngédit eusi ieu loka, mangga buka kaca software.

Ku kitu ku kieu, wilujeng sukan-sukan di Wikimedia Commons.